A BIOGRAFI PAHLAWAN MOHAMMAD TOHA BULAN JULI TANGGAL 10

11 STRANICA ¸¸ TOBOŽE PALI S MARSA BIOGRAFIJE PRIČA
7 BIOGRAFIE ANTON STANKOWSKI STEPHAN VON WIESE DIE FRÜHEN
?XML VERSION10 ENCODINGUTF8? BIOGRAFIJE 2 VANREDNI

?XML VERSION10 ENCODINGUTF8? BIOGRAFIJE 3 DOCENTI
A BIOGRAFI PAHLAWAN MOHAMMAD TOHA BULAN JULI TANGGAL 10
ADAM STRUZIK – MARSZAŁEK WOJEWÓDZTWA MAZOWIECKIEGO RYS BIOGRAFICZNY ADAM




A BIOGRAFI PAHLAWAN MOHAMMAD TOHA BULAN JULI TANGGAL 10 A BIOGRAFI PAHLAWAN MOHAMMAD TOHA BULAN JULI TANGGAL 10 A BIOGRAFI PAHLAWAN MOHAMMAD TOHA BULAN JULI TANGGAL 10













          1. Biografi Pahlawan



MOHAMMAD TOHA

Bulan Juli, tanggal 10 taun 1946. Kota Bandung jeung sakurilingna geunjleung. Kira-kira tabuh satengah satu beurang, kadèngè sora tingborobot disusul sora tarik tingjelegur. Kembang seuneu campur haseup, minuhan langit Kota Bandung Beulah kidul. Kajadian naon, sarèrèa silihtanya. Geus rada lila kakara meunang bèja, singhorèng sora nu tingborobot jeung tingjelegur tèh, sora pèlor campur mesiu kaduruk. Kajadianana di gudang senjata milik tentara Walanda. Pernahna di Kampung Pasayuran Dayeuhkolot, Bandung kidul.

Eta gudang ayana di hiji gedong, katelah gedong listrik. Lian ti tohaga dijaga tentara Walanda, sarta samakta pakarang. Cèk nu bohong, ku rèkèp-rèkèpna nu ngajaraga, ukur laleur nu bisa asup ka èta gedong. Tapi, ku naon atuh, pangna bisa kaduruk? Naha aya nu ngahaja ngaduruk? Lamun ngahaja diduruk, saha nu ngadurukna?Naon tujuanana?

Kahèran masarakat ahirna manggih jawaban. Gudang sanjata milik tentara Walanda tèh mèmang ngahaja diduruk. Tangtu baè lain ku maranèhna. Tapi ku hiji pajoang ngaranna Mohammad Toha.

Enya, ku Mohammad Toha. Hiji rumaja umur 20 taun. Urang Bandung asli, budak yatim, bapana maot waktu manèhna leutik kènèh. Hèbatna tèh dilakukeun ku sorangan. Ku manèhna sorangan. Pantes upama loba jelema nu teu percaya.

Harita nagara urang geus resmi merdèka. Malah geus diaku ku PBB. Ngan dasar penjajah, sigana teu rido nyaksian bangsa Indonèsia merdèka tèh. Waktu Jepang taluk ku tentara Sekutu, sarta ninggalkeun Indonèsia, Walanda ngirimkeun deui bala tentarana. Asupna ka Indonèsia bareng jeung tentara Sekutu. Alesanana mantuan ngusir tentara Jepang.

Tapi nu majar ukur mantuan tèh henteu marulang deui. Kaasup nu daratang ka Kota Bandung. Malah beuki lila beuki katèmbong niat jahatna. Sidik manèhna hayang ngajajah deui nagara urang. Eta pisan nu ngahudang jiwa kapahlawanan pamuda Mohammad Toha tèh. Tèkadna buleud. Ikhlas masrahkeun jiwa katut ragana, pikeun kapentingan nagara jeung bangsa.

Ahirna Mohammad Toha ngagabung jeung Tentara Rayat, mun ayeuna mah TNI. Lantaran kawanina, umur 19 taun geus dipercaya mingpin pasukan tempur. Nya èta Sèksi 1 Barisan Bantèng bagian penggempur. Mimiti Markasna di Cikapundung. Sabada Kota Bandung ngahaja diduruk, supaya ulah dipakè tempat cicing Walanda, markas Barisan Bantèng pindah ka Nagrèg. Da apan sarèrèa kudu ninggalkeun Kota Bandung. Tug nepi ka ayeuna, èta kajadian disebutna Bandung Lautan Api. Harita Kota Bandung jadi sagara seuneu.

Geus lila Mohammad Toha boga niat nyulusup ka gudang senjata musuh. Malah geus nyieun rencana. Timbangan manèhna, ku cara ngancurkeun gudang senjatana, kakuatan musuh bakal ngurangan. Ampir di saban pertempuran, tentara urang kariripuhan, lantaran senjata musuh jauh leuwih loba jeung leuwih modern.

Hanjakal niatna enteu diidinan ku komandana. Alesana rencana Mohammad Toha pamohalan bisa dilaksanakeun. Paing-paling manèhna sorangan teu pupuguh jadi korban. Akibatna Barisan Bantèng bakal kaleungitan salasaurang andelana.

Cacak komandanna ngidinan, Mohammad Toha geus buleud patèkadan, niat ngorbankeun nyawana. Carana, bari mekel garanat jeung dinamit, rèk nyulusup asup ka gudang senjata musuh. Sanggeus aya di jero, bareng jeung manèhna, gudang katut eusina rèk diancurkeun.

Kasempetan datang waktu manèhna meunang tugas kudu nalungtik ka daèrah musuh. Bareng jeung tentara Hizbbullah, dibantuan ku Pasukan Pangèran Papak ti Banten, sabada meuntas Walungan Citarum, Pasukan Mohammad Toha nyusup ka daèrah musuh. Harita tèh maleman tanggal 10 Juli 1946. Piisukeun kana ngajelegurna gudang mesiu tentara Walanda.

Sigana Gusti Allah ngahaja masihan jalan ka Mohammad Toha. Bareng jeung Mohammad Ramdan ti tentara Hizbullah, manèhna katèwak ku musuh. Saterusna ditahan di Gedong Listrik tèa.

Kumaha nasibna salila ditahan, geus teu kudu dicaritakeun deui. Rupa-rupa siksaan kaalaman ku manèhna. Sakali mangsa Mohammad Toha manggih kasempetan pikeun ngawujudkeun niatna. Waktu tentara nu ngajagaana balangah, ku manèhna langsung diserang.

Mekel geranat meunang ngarebut, manèhna muru gudang senjata. Sanggeus deukeut, belewer…belewer…dialungkeun ka lebah gudang senjata. Geranat bitu, disusul sora tingborobot jeung tingjelegurna sora pèlor jeung mesiu. Gudang senjata musuh ancur. Ratusan tentara Walanda jadi korban. Nya kitu deui Mohammad Toha, kari wawangi ngarana.



          1. Pedaran

BIOGRAFI PAHLAWAN

Di kelas X hidep geus diajar ngeunaan biografi. Biografi tèh nya èta riwayat hirup hiji jalma anu ditulis atawa dicaritakeun ku batur. Ari anu ditulis atawa dicaritakeun ku sorangan mah disebutkeun otobiografi.

Dina pangajaran ayeuna hidep geus maca biorgafi ngeunaan Mohammad Toha, salasaurang pahlawan anu bajoang di wewengkon Bandung Kidul, sarta gugur di Dayeuhkolot, Bandung Kidul. Babarengan jeung Mohammad Ramdan.

Salian ti Mohammad Toha jeung Mohammad Ramdan, masih kènè loba pahlawan anu asalna ti Tatar Sunda tèh. Diantarana baè Rg. Dèwi Sartika, Ir. H. Juanda Kartawinata, Oto Iskandar di Nata, Laksanamada Laut R. Edy (LLRE) Martadinata, jeung KH Zainal Mutafa.

Naha anu disebut pahlawan tèh kudu anu bajoang makè senjata baè? Henteu. Contona mah Rd. Dèwi Sartika. Anjeunna pantes disebut pahlawan lantaran jasa-jasana dina widang arikan pikeun kaomna, kaom wanita. Kitu deui jeung Ir. H. Juanda Kartawinata. Anjeunna meunang gelar pahlawan ku lantaran ketakna dina widang pangwangunan jeung pamarèntahan.



          1. KECAP SEREPAN

Titènan kecap-kecap nu dicondongkeun dina kalimah di handap!

  1. Tingborobotna sora pèlor kaduruk.

  2. Gedong listrik tèh dijaga ku tentara Walanda

  3. Mohammad Toha tèh budak yatim, bapana maot lima taun ka tukang

  4. Manèhna mingpin Sèksi 1 Barisan Bantèng Bagian Penggempuran

  5. Bangsa Indonèsia geus merdèka















Kabèh kecap nu dicondongkeun, lain kecap (basa) Sunda asli. Tapi, mangrupa serepan tina basa sèjèn. Pèlor tina basa Portugal, listrik tina basa Walnda, tentara tina basa Portugis, yatim tina basa Arab, sèksi tina basa Walanda, tentara tina basa Portugis, yatim tina basa Arab, Sèksi tina basa Walanda, barisan jeung penggempur tina basa ndonèsia (Malayu), bangsa jeung merdèka tina basa Sangsekerta.

          1. SESEBUTAN WAKTU

Baca deui karangan “Muhammad Toha”. Dina alinèa kahiji, jajaran kadua, aya kalimah: Kira-kira tabu satengah satu beurang, kadèngè sora tingborobot, disusul sora tingjelegur.

Iraha waktuna èta kajadian, sidik disebutkeun. Waktu tabuh sakitu, ku urang lembur atawa kolot baheula mah, sok disebut wanci tangangè

Kecap tangangè asalna tina kecap tengah poè, diwancah (dipotong) jadi tangangè. Urang Bogor nyarebutna tangari, tengah hari, pangaruh basa Batawi. Wayah kitu waktu keur meujeuhna papanasna. Kira-kira tabuh 12.00 nepi ka 12.30 WIB.

Kolot baheula mah keur nangtukeun waktu tèh cukup ku nempo cicingna panonpoè. Nya kitu deui waktu-waktu sèjènna, kolot baheula mah boga sesebutan husus.

Geura ieu sababaraha conto sèjènna:

Janari gedè : kira-kira tabuh 01.00-03.00 peuting

Janari leutik : kira-kira tabuh 03.30-04.30

Balèbat : kira-kira tabuh 05.00 isuk-isuk

Carangcang tihang : Kira-kira mimiti tabuh 05.00-05.30 (tihang imah mimiti katèmbong remeng-remeng)

Rumangsang : kira-kira tabuh 09.00 (mimiti karasa panas)

Pecat sawed : kira-kira tabuh 10.00 (patani ngareureuhkeun munding anu dipakè ngawuluku, biasana boh munding boh dununganana ngareusian heula beuteung)

Manceran/lohor : kira-kira tabuh 12.00 WIB

Lingsir ngulon : kira-kira tabuh 15.00 (panon poè mimiti ngagèsèr ka kulon)

Tunggang Gunung : kira-kira tabuh 17.00 (panon poè aya luhureun gunung/maju ka burit)

Sariak layung : kira-kira tabuh 17.00 (bijil sinar warna semu beureum)

Sareupna/magrib : kira-kira tabuh 18.00-18.30 (mimiti poèk)

Sareureuh gaang : kira-kira tabuh 18.30-19.00 (gaang eureun disadana)

Sareureuh budak/isa : kira-kira tabuh 19.00-19.30 (mimiti barudak reureuh jeung sararè

Sareureuh kolot : kira-kira tabuh 19.30-20.30 (mimiti kolot reureuh jeung sararè)

Tengah peuting : tabuh 24.00




















































K-KUR-010/L1



AGATHA CHRISTIE AUTOBIOGRAFIA PRZEŁOŻYŁY MAGDALENA KONIKOWSKA TERESA
APIE SIMONĄ DAUKANTĄ BIOGRAFIJA HTTPSIAULIAIMOKLTDAUKANTASDAUKANTASBIOGRAFIJAHTM GIMTINĖ HTTPWWWSKUODASWELCOMELT?LT1239018542 HTTPSODYBOSKAIMELTLANKYTINOSVIETOSSIMONODAUKANTOGIMTINC497 HTTPWWWSKUODASLTPRINTPHP?ID126
ÎNDRUMAR PENTRU ÎNTOCMIREA AUTOBIOGRAFIEI AUTOBIOGRAFIA SE VA REFERI OBLIGATORIU


Tags: biografi pahlawan, biografi. biografi, biografi, mohammad, pahlawan, tanggal, bulan